Kecap Babandingan


          Anapon wangun éta babasan téh éstu rupi-rupi. Paleubah dieu, simkuring seja ngadugikeun babasan-babasan anu nganggé kecap babandingan “Siga”, “Kawas”, “Lir”, “Ibarat”, sareng “Cara”. Sakedahna, ieu kecap-kecap babandingan téh mibanda kalungguhan séwang-séwangan, sapertos kecap “Siga” anu husus dianggé kanggé ngabandingkeun kaayaan lahiriah, atanapi “Kawas” anu dianggé ngabandingkeun kalakuan; nanging dina prakna mah éta kecap-kecap téh dianggéna sok dipacorokokodkeun.

Siga/ Jiga
Siga arjuna
=
Kasép pisan
Siga béntang kabeurangan
=
Geulis pisan
Siga bungaok
=
Goréng patut pisan
Siga careuh bulan
=
Nu diwedak kandel teuing
Siga congcorang murus
=
Jalema jangkung tapi kacida begangna
Siga dodol bulukan
=
Kulit hideung diwedakan teu rata
Siga kedok bakal
=
Goréng patut pisan
Siga kedok rautaneun
=
Goréng patut pisan
Siga maung meunang
=
Biwirna lamokot beureum ku luah
Siga Si Cépot
=
Goréng patut pisan, lalaki
Siga panyeupahan lalay
=
Belél sarta buruk, kaén
Siga tunggul kahuru
=
Goréng patut
Siga wayang pangsisina
=
Goréng rupana

Kawas
Kawas aeud
=
Nya goréng budi nya bangor
Kawas anjing kadempét lincar
=
Méré paréntah ka batur teu kalawan sabar
Kawas awi sumaér di pasir
=
Luak-léok pikir, teu puguh tungtungna.
Kawas anu teu dibedong
=
kaluar asup tara meundeutkeun panto
Kawas bayah kuda
=
belél pisan
Kawas beubeulahan térong
=
sakarupa pisan, saperti budak kembar
Kawas beusi atah beuleum
=
beungeutna geuneuk lantaran kacida ambekna
Kawas bodor réog
=
jalma anu tingkah lakuna pikaseurieun
Kawas bueuk beunang mabuk
=
ngeluk jeung teu wani ngomong
Kawas bujur aseupan
=
diuk teu daék cicing
Kawas cai dina daun bolang/taleus
=
naséhat atawa papatah taya nerapna
Kawas Carangka runtah
=
jalma anu sagala beuki jeung gembul
Kawas ciduh jeung reuhak
=
sarua goréngna
Kawas cucurut kaibun
=
goréng patut jeung pikarunyaeun
Kawas dongéng si boséték
=
gunta-ganti aturan tapi tetep taya kamajuan
Kawas durukan huut
=
pibahyaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gedé
Kawas gaang katincak
=
repéh sapada harita
Kawas gateuw
=
teu bisa liar lantaran kasakit tapi awak lintuh
Kawas hayam lamba
=
bereset, taya kawani
Kawas hayam panyambungan
=
talamba-tolombo dina riungan
Kawas heulang pateuh jangjang
=
méh teu bisa walakaya
Kawas hileud peuteuy
=
jalema nu ngahalang-halang karep batur
Kawas hama-himi
=
méh salilana babarengan duaan, tara daék papisah
Kawas hayam keur endogan
=
cilingcingcat baé, teu daék cicing
Kawas jogjog mondok
=
cékcok, récok
Kawas ka budak rodék hulu
=
ngahina, Kawas ka jalema bodo atawa budak bolon
Kawas lauk asup kana bubu
=
hese kaluar tina hiji lingkungan
Kawas leungeun nu palid
=
ngopepang, sagala dicabak atawa dicekel
Kawas nu kékéd
=
teu bisa barangbawa
Kawas nu meunang lotré
=
meunang rejeki gedé nu teu disangka-sangka
Kawas nu mulangkeun panyiraman
=
mikahayang nu lain-lain
Kawas siraru jadi
=
riab ka mana-mana
Kawas supa jadi
=
gancang pisan jadina jeung ngalobaanana
Kawas tatah
=
teu hideng sorangan
Kawas térong beulah dua
=
sakarupa pisan, saperti budak kembar
Kawas toéd
=
budak beuki ngomong, célémbeng
Kawas ucing jeung anjing
=
teu daék akur, paséa baé
Kawas ucing garong
=
jalema jahat nu sok ngaranjah imah
Kawas ucing keur kumincir
=
Sagala dicabak, sagala dicekel
Kawas ucing kumareumbi
=
 Sagala dicabak, sagala dicekel
Kawas ucing tutung buntut
=
 Teu ngeunah cicing di imah

Lir
Lir gula jeung peueut
=
Sarua layeutna atawa geugeutna
Lir kacang ninggang kajang
=
Norostos, capétang
Lir kuda leupas ti gedogan
=
Ngumbar kahayang sakarepna
Lir langit jeung bumi
=
Kacida bédana
Lir nanggeuy endog beubeureumna
=
Nyaah teu aya wates wangena
Lir nu dipupul bayu
=
Taya tangan pangawasa, leuleus pisan
Lir pantun teu jeung kacapi
=
Bisa mapatahan wungkul, teu bisa nyontoan
Lir rama jeung sinta
=
Nurub cupu, nu kasép jeung nu geulis
Lir ucing nyanding paisan
=
Piraku henteu kagoda
Lir widadari turun ti kahyangan
=
Wanoja nu kacida geulisna

Ibarat
Ibarat mihapekeun hayam ka heulang
=
 Nitipkeun barang ka jalma anu teu beunang dipercaya
Ibarat jogjog neureuy buah loa
=
 Milampah anu moal pihasileun

Cara
Cara badak Cihéa
=
Leumpangna nyuruntul bae, tara nanya-nanya acan
Cara embé
=
Embung mandi sabab sieun ku cai
Cara merak
=
Beuki pisan kana lada
Cara simeut hiris
=
Tai kana beuheung-beuheung, pohara bodona
Cara sireum
=
Jalma ngantay lobaan